Selasa, 03 Desember 2013

Ngalanglang IFBL 2013



PING 20-22 Nopémber 2013 nu anyar kaliwat,  Forum Komunikasi MGMP Bahasa Daerah (FKMGMPBD) Jawa Barat jeung Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Jawa Barat, ngayakeun kagiatan studi banding ka Provinsi Bali. Dipilihna Provinsi Bali minangka tujuan téh taya lian réhing di éta tempat keur aya kagiatan Festival Internasional Bahasa Bali (The International Festival of Balinese Language; IFBL).
Ku anggapan FKMGMPBD jeung BPBDK, kagiatan IFBL 2013 téh bisa jadi sarana pikeun ngeuyeuban pangaweruh jeung nyungsi bahan babandingan enggoning nyampurnakeun léngkah ngaréspon pasualan posisi pangajaran basa Daérah dina Kurikulum 2013. Da geuning, éta pisan salasahiji marga lantaran pangna IFBL 2013 dilaksanakeun.
Miang ti Bandung téh poé Rebo, ping 20 Nopémber 2013. Saanjogna ka Bali, teu ieuh langsung muru tujuan utama. Salian ti geus soré, hujan gedé teu eureun-eureun deuih hari ta téh. Studi banding nu dirarancang téh karak bisa katedunan isukna, poé Kemis, ping 21  Nopémber 2013.
Sok sanajan tujuan pangpokona mah ngadongdon kagiatan IFBL 2013, dina prakna mah rombongan téh nyimpang heula ka tempat lianna. Nu mimiti disungsi téh Dinas Kebudayaan Provinsi Bali, di Denpasar. Di lebah dinya,  rombongan nyungsi kumaha ketak Dinas Kebudayaan Provinsi Bali dina ngaréspon pasualan pangajaran basa Daérah dina Kurikulum 2013. Sok sanajan kitu, éta kasempetan dimangpaatkeun ogé pikeun ngagali pasualan-pasualan lianna, pangpangna nu patali jeung program-program ngamumulé basa, sastra, katut budaya. Teu lila di Dinas Kebudayaan Provinsi Bali mah, da tadi téa tujuan pangpokona téh rék ka IFBL 2013. Munasabah lamun informasi nu kacangking ogé teu réa.

***

Satutasna ngadongdon Dinas Kebudayaan Provinsi Bali, lalampahan dituluykeun ka tujuan utama, lokasi kagiatan IFBL 2013. Mun nilik kana waktu mah, asa kurang parok studi bandingna rombongan jeung prakna kagiatan IFBL 2013 téh. Teu rék disebut kitu kumaha, IFBL 2013 dilaksanakeunana dina ping 8-30 Nopémber 2013. Munasabah lamun réa kagiatan anu teu kasaksian sacara langsung. Sok sanajan kitu, tina pedaran langsung panitia jeung dokuméntasi mah bisa kagambar kumaha enas-enasna éta kagiatan.
Ku alpukahna Nyoman Gunarsa –salasaurang  maéstro seni lukis Bali, diayakeun kagiatan Festival Internasional Bahasa Bali (The International Festival of Balinese Language; IFBL). Titik pamiangan éta kagiatan téh tina rasa prihatin sesepuh basa jeung budaya Bali kana pasualan nyirorotna karep nonoman Bali dina ngagunakeun basa Bali dina kahirupan sapopoéna. Salian ti éta, minangka rasa prihatin ogé kana kanyataan lahirna Kurikulum 2013 nu henteu ngaréngkolkeun mata pelajaran basa Daérah salaku mata pelakaran poko.


 Nyoman Gunarsa
(foto dokumen Dadang Nurjaman, 2013)


IFBL 2013 dilaksanakeun di Nyoman Gunarsa Museum (NGM) Klungkung, Bali. Kagiatanana ngalibetkeun tokoh, ahli, masarakat, jeung praktisi basa katut sastra Bali ti sawatara nagara. Sok sanajan dikokojoan ku Nyoman Gunarsa, dina prakna mah éta kagiatan téh ngalibetkeun jeung dikokolakeun ku Fakultas Sastra Universitas Udayana, boh dosénna boh mahasiswana.
Nurutkeun koordinator kagiatan, Gede Nala Antara, IFBL 2013 sagemblengna dipuseurkeun di Nyoman Gunarsa Museum. Bubukana dilaksanakeun ping 8 Novémber 2013, kalawan langsung dibuka ku Gubernur Bali. Kagiatan bubuka dimimitian ku Pawai Krama, ngaresmikeun prasasti, ngaresmikeun museum lukis kontémporér, paméran seni lukis India, jeung dipungkas pintonan drama gong Bon Bali.
Sabada bubuka, IFBL 2013 ditéma ku kagiatan-kagiatan paméran Baligrafi, paméran Taru Permana Usada Bali, pintonan Arja RRI Bon Bali, pasanggiri Masatua Bali, pintonan drama modéren ngagunakeun basa Bali ti téater Undiksha, Pesantian, pintonan Genjek Kusamba Klungkung, jeung pintonan Bondres Sengap saparakanca. Aya deuih kagiatan-kagiatan lianna nu sipatna improvisasi, nu najan taya réngkolna dina runtuyan acara nu disiapkeun tapi dilaksanakeun dumasar kabutuhan jeung kamekaran kagiatan. Contona baé, paméran media diajar basa Bali ngamangpaatkeun téknologi informasi jeung paméran tradisi nulis dina lontar. Ari nu jadi kagiatan puncakna, dilaksanakeun ping 23 Nopémber 2013, nyaéta saréséhan basa, sastra, jeung aksara Bali. Panutup kagiatanana dilaksanakeun ping 30 Nopémber 2013, kalawan midangkeun pintonan Lagu Pop Nyanyian Dharma ti Dewa Budjana saparakanca.
Paméran Taru Permana Usada Bali téh kagiatan nu némbongkeun tradisi masarakat Bali patali jeung cara ngubaran kasakit sacara tradisional ngamangpaatkeun tutuwuhan nu mibanda hasiat salaku ubar. Lain prak-prakanana ngubaran nu dipamérkeun téh, tapi sawatara naskah lontar nu eusina ngébréhkeun éta tradisi. Tradisi ngubaran ngamangpaatkeun tutuwuhan nu ku masarakat Bali dikeukeuhan mangrupa pangaweruh nu diturunkeun ku Mpu Kuturan.





Sawatara Naskah Lontar
(foto dokuméntasi dadang Nurjaman, 2013)


Arja jeung Bondres mangrupa pintonan tari jeung lagu. Sok sanajan dasarna tina tari jeung lalaguan, Arja mah leuwih kana pintonan carita Panji Karajaan Daha jeung Kediri. Ari Bondres, leuwih kana pintonan nu eusina pituah jeung kritik sosial kana pasualan-pasualan nu disanghareupan ku masarakat Bali kaayeunakeun. Tina durasi pintonan deuih, Bondres leuwih pondok durasina dibandingkeun jeung Arja. Beh dieuna, pintonan Bondres ngamunculkeun tokoh atawa palaku punakawan nu ngaranna Sengap, tokoh nu lucu jeung kritis. Ku alatan éta, kasenian Bondres nelah jadi Bondres Sengap. Teu pati géséh ti pintonan Bondres, Genjek Kusamba Klungkung ogé dasarna tina lalaguan. Dipintonkeun mangrupa accapela tradisional Bali kalawan nada-nada nu gumbira.
Pon kitu deui Pesantian, dasar pintonanana tina seni vokal tradisional Bali. Pesantian téh lain ngaran kesenian, tapi leuwih nunjukkeun kelompok-kelompok nu minat kana seni vokal tradisional. Arinyana ngulik jeung mekarkeun tembang nu sumberna tina karya sastra n mangrupa kidung, geguritan, jeung kekawin. Biasana, sok ditampilkeunana téh dina upacara-upacara adat atawa agama.
Di antara rupa-rupa kagiatan nu ditampilkeun dina IFBL 2013, kagiatan paméran Baligrafi, pasanggiri Masatua Bali, jeung saréséhan basa, sastra, katut aksara Bali bisa jadi mangrupa kagiatan nu jadi kojona. Jeungna deuih, éta tilu kagiatan keuna pisan saupama dipatalikeun jeung dadasar kagiatan IFBL 2013 nu museur dina tarékah ngamumulé basa, sastra, jeung aksara Bali.
Masatua Bali mangrupa kagiatan ngadongéng nu sumber dongéngna tina folklore rakyat Bali. Teu géséh upama dibandingkeun jeung tradisi ngadongéng masarakat Sunda. Bédana jeung ngadongéng urang Sunda, dina Masatua Bali mah carita nu didongéngkeun téh umumna carita-carita tantri ngeunaan sasatoan. Pangna Masatua Bali dipasanggirikeun, utamana mah réhna éta tradisi kiwari mah geus rada kurang dilakonan ku masarakat Bali. Sarua baé jeung tradisi ngadongéng di masarakat Sunda nu geus nyirorot, dipasanggirikeun téh sangkan kahudang deui karep masarakat dina ngamangpaatkeun tradisi ngadongéngna.
Saupama leuwih dipeureut tina runtuyan kagiatan IFBL 2013, paméran Baligrafi mangrupa kagiatan nu jadi kojona pisan. Ku sabab dijagokeun salaku kokojo, istilah Baligrafi ogé digunakeun salaku pananda konci téma kagiatan IFBL 2013 sacara gembleng.


Salasahiji conto Baligrafi
(foto dokuméntasi Dadang Nurjaman, 2013)

Istilah Baligrafi dilahirkeun pikeun ngawakilan konsép kaligrafi aksara Bali. Tujuanana sangkan kacangking idéntitas husus ka-Bali-anana, nepi ka tarékah ngamulyakeun jeung ngamumulé basa Bali satengahing kuatna arus globalisasi téh kahontal. Saéstuna, kaligrafi nu ngamangpaatkeun aksara daérah ku urang Sunda ogé geus dipilampah. Lain baé kagiatan nyieun kaligrafina, paméranana ogé geus sababarahakali dilaksanakeun. Nu jadi pangbéda téh nya lebah istilah. Urang Sunda mah prah baé nyebut nu kitu téh kaligrafi, béda jeung urang Bali nu wani ngaistilahkeun salaku Baligrafi. 
Kagiatan inti IFBL 2013 dipungkas ku saréséhan basa, sastra, jeung aksara Bali. Hanjakal pisan ieu kagiatan teu katungkulan ku rombongan studi banding FKMGMPBD jeung BPBDK Jabar. Da mun seug katungkulan, tangtu réa informasi nu bisa dijadikeun babandingan patali jeung tarékah ngamumulé basa, sastra, jeung aksara Sunda.